Layang Muslimin muslimat jal jilid 1 halaman 1

Layang Muslimin Muslimat
1
LAYANG 
MUSLIMIN MUSLIMAT 
JILID KA I 
Asmarandana
1. Ieu anu rek digurit, lalakon jaman ayeuna, hal salira anu jongkot, 
ngawincik aturannana, supaya jadi kabuka, kabuka tunggalna wujud, 
dipapay ti memeh aya. 
2. Nepi kana aya bukti, tina taya kana aya, geus aya bet ngalalakon, 
ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean, ayeuna baris diatur, 
urang papay ti asalna. 
3. Tina tadi asal sepi, dina alam memeh aya, ari geus aya bet jadi cekcok. 
Sepi dina jaman Kun Dzat, cekcok jaman Kun Fayak, Kun Mutlaq geus 
sidik wujud, rupa sarupa-rupana. 
4. Rupa teu kenging disalin, kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa awewe, 
mun kitu sidik rupana, teu kenging dirobah, rupa pameget nyakitu, teu 
beunang dipindah-pindah. 
5. Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang, henteu salah kituna 
teh, eta tandana Kun Mutlaq, tapi ieu ayeuna, ku jisim kuring diatur, ku 
carita sangkan terang . 
6. Kahijina ku pamilih, kaduana ku umpama, bade didamel lalakon, geura 
kieu cariosna, pang ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung, 
ngadegna gumelar sifat. 
7. Hanteu ujug-ujug bukti, ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel 
lalakon, kieu ceuk papayannana, namung upami mufakat, rempug
sareng dulur-dulur, mun teu cocog sae cempad. 
8. Tapi pamugi sim kuring, upama aya nu lepat, mugi kersa mere hartos, 
nyakitu deui basana, tangtos seueur nu lepat, mugi neda tawakup, margi 
ngarang nembe pisan. 
9. Kocap aya hiji Nagri, ngaran Nagri Raga Taya, ari nu mangku Bupatos, 
anu nyepeng Raga Taya, nelah jenengannana, kamashur ka unggal Ratu, 
sang Prabu Jasadiah. 
10. Dupi anu jadi Meswari, jenengan Ratna Atiyah, tunggal turunan 
Bupatos, teges terahing Kusumah, estu layeut sami pisan, siang wengi 
tara jauh, babarengan tara pisah. 
11. Kocap eta Kangjeng Gusti , geus kagungan dua putra, pameget langkung 
karasep, kacatur jenengannana, Raden Muslimin cikalna, kaduana anu 
bungsu, katelah Raden Muslimat. 
12. Teu kinten-kinten diasih, ku Ibu rawuh ku Rama, teu pilih kasih dienod, 
duanana dipalajar, Agama sareng Elmuna, raka rai sami suhud, ngesto 
ka piwejang Rama.


13. Naon bae sakaliring, sakur pangwuruk ramana, hanteu aya anu mencog, 
dihartikeun ku duaan, sarta geus kamaranah, geus sumurup kana qalbu, 
sadaya wuruk ramana. 
14. Saparantosna mangarti, kana sadaya piwejang, dua putra lajeng wae,
amit ti payuneun Rama, ngalih ka sejen tempat, caralik di tempat 
singkur, ngahusukeun wuruk rama. 
15. Nu mimiti naros rai, nyaeta Raden Muslimat, ka rakana bari mando, 
hormat tumaros ka raka, saur Raden Muslimat, mugi engkang ulah 
bendu, rehna rai kumalancang. 
16. Kumawantun naros rai, kumargi raos pisan, rai masih keneh bodo, moal 
sapertos engkang, dina perkawis Agama, nu ku Ama dipitutur, rai tacan 
paham pisan. 
17. Ngawalon Raden Muslimin, duh rai taya pamengan, ka engkang bade 
tumaros, naon sakapaham engkang, moal arek dikilungan, kajabi anu 
teu acan mafhum, pun engkang moal tiasa. 
18. Perkawis Agama suci, geura kieu sayaktosna, ku engkang baris ditektek, 
diterangkeun mimitina, geuning kieu dalilna, dina hadist geus 
kamasyhur, dalil teh kieu unina. 
19. Mimitina Awwalu Dinni, lajengna Ma’rifatullah, sundana kieu eta teh, 
lamun rek lalakon agama, wajib ma’rifat heula, kana dzat Allah nu Maha 
Agung, supaya sah ibadahna. 
20. Tapi rai sanes deui, hal ma’rifat ka dzat Allah, eta teh lain sapertos, 
nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist teh nu 
ngajentul, nu nyata aya buktina. 
21. Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab Allah ta’ala teh, ceuk 
saksina Dzat Laesa, Kamislihi terasna, hartina dzat yang agung, hanteu 
aya umpamana. 
22. Ngan dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana, 
nganyahokeun diri maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk Hadistna, 
Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha. 
23. Jeung aya lajengna deui, Man aroffa robbaha, Faqod jahilan nafsah teh, kieu 
pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina kitu, tangtu nyaho ka 
pangeran. 
24. Jeung saha nu nyaho deui, geus nyaho ka pangeranna, dirina geus 
tangtu bodo, tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh 
kitu, pikeun saksi ngelmu tea. 
25. Malah dawuhan Jeng Nabi, Illa anna awallanafsah, terasna teh fardu ‘ain, 
kieu eta teh sundana, mimitina hal ibadah, sing terang jatining hirup, 
masing tepi ka ‘aena. 
26. Sasat kudu katinggal, sifat hirup sing kapendak, jatining sahadat eta teh, 
bibitna sagala rupa, nya hahekat Muhammad, awalna Muhammad kitu, 
nya eta Sagara Hayat.

NERANGKEUN HADIST 
 Anu kasebut dina kitab Mantiq 
-
ف
-
فر
ّ*و-
فر
ّ

Sinom
27. Malah-malah rai aya, dalil deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, fiidunya bi 
‘ainil qolbi, kitu anu kauni, ari hartina teh tangtu, ninggali Allah di 
dunya, kudu ku awasna ati, hanteu bisa ninggal ku panon kapala. 
28. Samalah aya lajengna, aya deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, lajengna Bil 
akhiroti, teras bi’aenil ‘arsi, sundana teh kitu deui, ningal Allah di akherat, 
ku panon teu salah deui, tatapina hanteu kalawan kapiat. 
29. Sabab teu adu hareupan, kusabab enggeus ngahiji, kawas kembang 
jeung seungitna, saperti gula jeung amis, kertas jeung bodasna deui, 
kawas ombak sareng laut, tah kitu eta hartina, raina ngawalon ta’dim, 
rebu nuhun engkang kersa miwejang. 
30. Namung nyanggakeun duduga, muga ulah bendu galih, reh aya nu can 
kapaham, rai bade naros deui, rakana ngawalon manis, aduh rai rebu 
nuhun, dipalebah pun engkang mah, boro-boro ngewa ati, anggur atoh 
boga dulur nyaring manah. 
31. Anu aya diengkang mah, sumawonten pangarti, sanajan dunya barana, 
lamun dipundut ku adi, moal rek dibuni-buni, wantun sumpah tangtu 
katur, ceuk raina nuhun pisan, engkang heman ka rai, yaktos engkang 
saderek dunya akherat. 
32. Kieu engkang sayaktosna, bade tumaros teh rai, reh tadi dawuhan 
engkang, ceuk dalil Awwalu dinni, sareng Ma’rifatullahi, anu tadi 
dipisaur, kudu nyaho ka dzat Allah, saha nu kudu ninggali, lamun 
urang nu kudu terang ka Allah. 
33. Kapan geuning geus kapegat, kapiheulaan ku dalil, Laa haula wala quata 
Illa billahil ‘aliyil ‘adim, kapan hartina teh dalil, teu daya upaya kitu, sasat 
ngajadi rokrak, beh dinya rai teu ngarti, aya rokrak bet kudu kawasa 
ninggal. 
34. Upama kitu mah dua, hirup rokrak hirup Gusti, rakana lajeng ngajawab, 
rai ulah salah harti, urang soteh ceuk nu hurip, sategesna hurip hirup, 
hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa, rasa teh 
nya Rasulullah. 
35. Tah kitu rai hartina, bilih rai tacan ngarti, lain urang ceuk nu anyar, nu 
anyar damelan gusti, nu anyar moal tinggali, tangtu gusti anu weruh, 
anu Dzat laisa tea, bila haiffin makanin, enya eta sategesna Ahadiyat tea.

36. Saurna Raden Muslimat, upami kitu mah harti, jadi sasat nu uninga, nya
gusti Rasulullohi, rakana ngawalon deui, leres rai bener kitu, mana ulah
salah paham, hartina Rosulullohi, rasa Allah rai eta rai moal salah.
37. Raina deui unjukan, aduh raka nuhun teuing, rai dipaparin terang,
namung bade naros deui, saur engkang teh tadi, Waman aroffa nafsahu,
faqod aroffa robbaha, man aroffa robbaha deui, salajengna jeung faqod jahilan
nafsah.
38. Saha-saha anu terang, kana dirina pribadi, tangtu nyaho ka Pangeran,
saha nu nyaho ka gusti, bodo dirina pasti, unggel Hadist eta kitu, naha
diri nu mana, anu kudu dipilari, naha ieu nu ngajentul badan badag.
39. Saupami sayaktosna, kudu nganyahokeun diri, diri ieu anu aya, nu bukti
ieu ngajagrig, raos rai hanteu hasil, bet asa teu puguh-puguh, kapan
enggeus katinggal, enggeus sidik ti leuleutik, moal enya susah
diteangannana.
40. Ngajawab deui rakana, rai kawas murangkalih, kantenan hanteu hasil
mah, neangan diri nu bukti, naha tacan tinggali, kana diri nu satuhu,
kapan ieu mah jasad, ngaran-ngarana oge jasmani, ngaran diri anu
sabener-benerna.
41. Hiji ngaran Narun tea, Hawaun, Turobun deui, Ma’un anu kaopatna,bilih
rai tacan harti, nyaeta badan rohani, tah eta rai nu kudu, ku urang
masing kapendak, ari nu ngaran jasmani, kudu ilang tapi papada
ilangna.
42. Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, kagenten ku opat
rupa, kakara bisa ngajadi, mun masih badan jasmani, kumaha geusanna
mafhum, kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, sing kagenti
ku badan rohani tea.
43. Sabab hartina Jas eta, piraku hanteu kaharti, kapan baju ceuk sundana,
ari hartina teh mani, nyaeta badan rohani, sasatna baju teh bungkus,
bungkusna rohani tea, anu mawi moal hasil, lamun urang
nganyahokeun badan nyata.
44. Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna,
ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, mun teu ilang heula wujud,
eusina moal kapendak, disaibaratkeun ucing, maksud ucing rek ngintip
beurit kaluar.
45. Kaluar tina liangna, tapi ucingna teh cicing, dina hareupeun liangna,
kalah paeh moal bijil, tangtu pisan moal hasil, tah ibarat rai kitu, ucing
teh ibarat jasad, beurit ibarat nu Latif, mo kapanggih mun jasad teu rasa
ilang.
46. Mun dina ucing tea mah, hayang kaluarna beurit, ucingna teh kudu
nyingkah, kakara torojol beurit, menggah di jalmi ge rai, mun hoyong
ma’rifatu, kana dzat Allah ta’ala, kudu sing
 ngarasa pasti, sing ngarasa

47. Dina keur waktu tarekat, sing ilang rasa jasmani, kagenten ku
Rasulullah, rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, kana dzatna 
Maha Agung, tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, ceuk 
babasan sarangka manjing curiga. 
48. Raina lajeng ngajawab, katerangan engkang tadi, kahartos kabina-bina, 
jadi caang pikir rai, geus moal rek udar deui, geus sumurup kana kalbu, 
moal unggut kalinduan, moal kagedag ku angin, sabab sidik dalilna 
jeung karasana. 
49. Kantun saeutik can paham, hal sundana dalil tadi, ku rai can
kalenyepan, masih heran keneh ati, dina saha-saha jalmi, nu terang ka 
Maha Agung, disebat bodo dirina, beh dinya rai teu ngarti, masih 
bingung ku rai can kalenyepan. 
50. Aya nu terang ka allah, disebatkeun bodo pasti, sanes pinter kasebatna, 
naha asa bingung teuing, naha ari nu katepi, ma’rifat kanu Maha Agung, 
dina ceuk dalil eta, disebatkeun bodo pasti, atuh leuwih hina tinu hanteu 
terang. 
51. Rakana lajeng ngajawab, naha rai can kaharti, basa bodo teh hartina, 
manusa mah moal teuing, ma’rifat ka Maha Suci, sabab dalil geus 
ngawengku, Laa haula wala quwata, illaa billahil ‘aliyil ‘adim, hartina teh teu 
daya teu upaya. 
52. Mun manusa nu ma’rifat, mutajilah eta pasti, sabab ngajirimkeun Allah, 
katinggal ku panon bukti, ku mata anu buncelik, atuh saperti si waru, 
papanggih jeung si dadap, sidik aya dua jirim, aya itu jeung aya diri 
manehna. 
53. Kapan Allah Nafi Isbat, aya Isbat euweuh Nafi, aya Nafi euweuh Isbat, 
kalem timbul kitu rai, Isbat ayana pasti, diri manusa geus tangtu, nya ieu 
sifatna urang, Nafi ayana rohani, mun keur Nafi Isbatna kudu teu aya. 
54. Ceuk raina atuh saha, nu ma’rifat ka Yang Widi, ari sanes manusa mah, 
saur raka mun teu harti, anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi 
panutup, nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, enya eta 
sareatna nu ma’rifat. 
55. Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta 
rasa, awas paninggali ati, eta nu bisa tinggali, ma’rifat ka Maha Agung, 
ari tinggal manusa mah, nu make panon buncelik, eta kitu dina 
katerangannana. 
56. Jawab rai nuhun engkang, rai dipaparin harti, anu sakieu terangna, 
matak ni’mat kana ati, lamun dibeuli ku duit, nimbang harga samaliun, 
da naros ka nu sanes mah, weleh bae teu kaharti, aya basa tatapi hanteu 
karasa. 
57. Sabab ngan wungkul ceuk beja, beja dibejakeun deui, diandel bae 
basana, buktina teu dipilari, keukeuh ngaji luar diri, ngajauhkeun ka 
Yang Agung, teu diaji salirana, sifat dua puluh yakin, ngan di aku 
nyatana badan anjeuna.
hanteu ngabogaan jasad.


Thank you for reading this article about Layang Muslimin muslimat jal jilid 1 halaman 1 At blogs dedila If you want to disseminate this article are kindly requested to include links Sources, and when this article serviceable please bookmark this page in your web browser, by pressing Ctrl + D on your keyboard keys.

Enter your email address:

FeedBurner

  • New Article :

0 Response to "Layang Muslimin muslimat jal jilid 1 halaman 1"

Posting Komentar

thank's for your comment